Rabu, 03 September 2008

TEKS DONGENG PASANGGIRI

(1) BUDAK PAHATU

Jaman baheula aya dua budak pahatu, lanceukna lalaki, ari adina awéwé. Ari imahna deukeut hiji leuweung nu loba tangkal bubuahan anu ngareunah, kayaning pari, kupa, huni, pining, jeung salianna.
Dina hiji mangsa, barudak téh rék ngala buah kupa ka leuweung. Barang datang ka leuweung ceuk lanceukna, ”Nyai, Akang rék ngala bubuahan, ku Nyai pulungan”.
”Heug Akang”, ceuk adina.
Terékél budak téh naék. Barang keur jongjon ngala kupa, léor aya oray sanca, nyampeurkeun adina anu keur diuk nyanghunjar lambar, nyarandé kana catang.
Gep ngégél oray téh kana sukuna. Budak téh ngahariring ngawih.

”Kang tulungan,
kang tulungan!
aya nu gagaranyaman
kana bitis jeung ngégélan
cing geuwat kuring tulungan”.

”Usap baé, Nyai meureun sireum” , ceuk lanceukna.
Budak awéwé téh, sapanjang bisa kénéh ngomong mah, teu eureun-eureun ngawih ménta tulung.
Tapi ku lanceukna teu ditolih, marukanana sireum baé.
Tungtuna leg baé budak téh diteureuy buleud, sarta orayna tuluy asup ka jero leuwi.
Lanceukna reuwaseun naker sabab adina répéh baé teu kecét-kecét. Tuluy turun. Barang datang ka handap, manéhna kagéteun pisan sarta ngira yén adina dihakan oray. Tuluy disusul tapak oray téh. Kabeneran barang datang ka hiji tempat, orayna kapanggih keur gulang-guling baé, teu bisaeun indit. Budak lalaki ngadéngé manuk haur disada, pokna: ”Cukrik,cukrik turih ku pucuk eurih”.
Budak lalaki teh gancang ngala pucuk eurih sarta beuteung oray téh diturih.
Goréhél adina kapanggih di jero beuteung oray, tuluy dibawa balik. Barang datang sok digolérkeun di tengah imah sarta tuluy digeberan ku manehna bari ngawih.

”Geber-geber hihid aing
hihid aing kabuyutan
titinggal nini awaking”.

Kerenyed suku budak téh usik. Pok deui lanceukna ngawih.
Kerenyed deui awakna usik; kitu baé satuluyna, nepi ka hirupna deui budak awéwé téh.
Gabrug dirontok ku lanceukna bari diciuman, tina sukana.

(Dicutat tina karangan A.C. Deenik jeung Rd. Jayadireja, Rusdi jeung Misnem, Jilid ka tili, kaca 34 – 36). taufik ampera


(2) PEUCANG KEUNA KU LEUGEUT

Kacaritakeun aya hiji patani, cicingna di sisi leuweung. Ayeuna manéhna téh keur melak palawija, kayaning bonténg, térong, jeung sajabana. Pepelakanana aralus tur marulus, kawantu hadé oména. Ngan hanjakal geus sababaraha poé pepelakanana téh raruksak, pangpangna mah pelak bonténgna. Patani ogé nyahoeun yén anu ngaruksak jeung ngaranjah kebonna téh nya éta peucang, sabab kungsi kanyahoan ku manéhna.
Patani téh néangan akal sangkan kebonna henteu diranjah baé ku peucang. Terus baé atuh manéhna nyieun bebegig. Lebah aawakanana ditapelan ku leugeut teureup. Éta bebegig teh ditunda di tengah-tengah kebon.
Pasosoré, saperti biasa, peucang téh datang deui ka kebon patani téa. Maksudna rék ngala bonténg. Barang srog ka kebon, manéhna teu buru-buru asup, lantaran aya nu ngajanteng di tengah-tengah kebon. Peucang téh nyalingker kana pager. Nyerangkeun nu ngajanteng bari ditelek-telek. Éh, geuning teu obah-obah? Ku peucang digeroan, nu di tengah kebon angger ngajanteng. Jelema lain éta teh? Geuning maké baju? Maké dudukuy deuih. Tapi teu obah-obah?
Lalaunan peucang téh kaluar tina panyumputanana. Terus ngeteyep ngadeukeutan nu ngajanteng tea, barakatak téh peucang seuri.
Pokna, ”Na sia téh nyingsieunan ka aing! Sugan téh manusa, boro aing nyumput, nanaonan manéh ngajanteng di dieu? Dicabok siah ku aing!” Ngomong kituna téh bari najong bebegig ku suku hareupna nu katuhu. Barang sukuna antel, suku peucang napel kana bebegig téa, kawantu bebegig téh maké leugeut teureup.
” Éh siah maké jeung newak sagala! Hayang dicabok ku aing?” Gaplok peucang nyabok bebegig. Pel deui baé napel suku hareupna anu kénca kana bebegig.
”Itu geura nanaonan ari sia! Ieu kalah néwak kana suku. Hayang ditajong ku aing? Nyaan ieu téh, nyaan, hayang ditajong? Lesotkeun atuh, da tadi mah kuring téh banyol. Sot, lesotkeun! Bisi ditajong! Éh, nyaan meureun manéh mah hayang ditajong!”. Peucang ngawahan, gaplok deui baé bebegig teh ditajong sataker tanaga. Ari jebrod, ari pel baé napel kana leugeut teureup rapet pisan. Peucang gogorowokan jeung tulung-tulungan; ”tulung...tulung...., ieu kuring tulungan!”
Teu lila torojol patani.
”Beunang ayeuna mah nu sok malingan bonténg téh,” ceuk patani. Kerewek peucang teh ditéwak, terus diringkus. Rigidig baé dipanggul. Peucang téh dibawa ka imah patani, rék dipeuncit. taufik ampera


(3) SASAKALA SITU BAGENDIT

Di wewengkon Garut aya situ anu ngaranna kawéntar ka mana-mana, nya éta Situ Bagendit. Ceuk sasakala mah, éta Situ Bagendit teh asal-muasalna kieu:
Baheula, aya hiji randa beunghar ketelahna Nyi Endit. Ieu téh saenyana mah nénéhna, da ngaran sajatina mah Nyi Bagendit. Manéhna téh kacida pisan kumedna. Geus taya nu bireuk deui kana kakumedanana téh. Salian ti pakacar-pakacarna mah, tara aya nu larsup ka imahna. Éstuning lain babasan éta mah hirup nyorangan téh. Ngahaja mencilkeun manéh, ngababakan di tengah pasawahan nu upluk-aplak. Maksudna taya lian, ku bawaning embung pacampur jeung batur, da sieun kasoro téa.
Kacaturkeun keur usum panén, di ditu di dieu ceuyah dibaruat. Éta anu gacong. Ka sawah Nyi Endit ogé réa anu gacong. Ari réngsé dibuat jeung sanggeus paréna dikaleuitkeun, sakumaha tali paranti, Nyi Endit nyieun sidekah. Ngondang lebé jeung sawatara tatangga. Popolahna saniskara ku sorangan, teu aya anu ngabantuan. Barang geus tarapti, sakur nu mantuan ngakut tuluy diondang ngariung tumpeng. Atuh nu ngariung téh nepi ka ratusan. Tapi sadia tumpengna teu sabaraha, nepi kan sakotéap gé geus berés, bari tingkarétap kénéh.
Keur meujeuhna balakécrakan, solongkrong aya aki-aki bongkok nu nyampeurkeun. Ku pribumi diantep teu dibagéakeun. Nya pok aki-aki téh waléh yén teu kawawa lapar, sugan aya sih piwelas. Ana gantawang téh Nyi Endit bet nyarékan, pajarkeun téh taya kaéra, teu ngahutang gawé, ménta bagéan. Tungtungna nepi ka nundung, aki-aki dititah nyingkah. Cindekna mah geus lain picaritaeun waé.
Aki-aki indit bari jumarijeug, bangun teu nangan. Méméh indit manéhna ngomong kieu, ”Sagala oge boh ka nu hadé boh ka nu goréng moal taya wawalesna.”
Ngomong kituna téh kasaksian ku sakur nu aya di dinya.
Saréngséna nu dalahar tuluy amitan rék baralik. Kakara gé patinglaléos, rugreg ngararandeg, sabab aya nu tinggarero, ”Caah! Caah!” ceunah.
Henteu kanyahoan deui datangna ti mana cai, ngan leb baé ka pakarangan imah Nyi Endit. Teu lila pakarangan imah Nyi Endit kakeueum. Atuh kacida ributna, jalma-jalma geus teu inget ka diri batur, asal salamet dirina baé. Nyi Endit ogé nya kitu, niat rék nyingkirkeun cai, tapi barang kaluar pisan ti imahna, cai teh nepi ka lir ombak laut tinggaruling ka palebah Nyi Endit. Imahna terus kakeueum méh laput.
Nyi Endit angkleung-angkleungan, bari satungtung bisa mah teu weléh sasambat ménta tulung. Tapi taya nu nulungan, da batur gé sarua ripuhna. Beuki lila, cai téh beuki gedé baé. Nepi ka jadi situna, ngeueum sakabéh pakaya Nyi Endit.

(Dicutat tina Dongeng Sasakala Jilid 3). taufik ampera


(3) PAPARAHUAN

Di hiji talaga aya manuk manintin keur paparahuan jeung tunggeu. Parahuna cangkang bonténg suri anu gedé, sabeulah. Soloyong ka ditu, soloyong ka dieu. Duanana teu eureun-eureun ngarawih patembalan:

Tin, tin, manintin
gengngng!

Katenjoeun ku caladi kundang. Manéhna kabitaeun naker. Tuluy nyarita, ”Milu, Tin, paparahuan!”
Témbal manuk manintin, ”Heug baé. Ngan ulah noktrok parahu, nya, bisi kalebuh!”
”Moal atuh, Tin, piraku kuring ogé.”
Clak caladi kundang téh tumpak. Ayeuna mah jadi tiluan anu ngawihna:

Tin, tin, manintin
toroktok, tok
gengngng

Édas aya ngareunah, mani kawas degung baé.
Kapanggih ku anak monyét.
”Euleuh, moal teu resep paparahuan, nya. Kuring milu, Tin!”
”Heug baé, ngan ulah dikokos parahuna, bisi kalebuh!”
”Moal atuh, kira-kira kuring ogé!”
Clak anak monyét teh tumpak.
Ayeuna mah opatan nu ngawihna:

Tin,tin,manintin
toroktok, tok
nguuuk
gengngng!

Lila-lia monyét téh lapareun tayohna, parahu téh disegétan sisina. Atuh kerelep baé kalebuh.
Anak monyét kekerebkan, lep baé titeuleum. Ari anu sejénna mah salamet, da barisaeun hiber. taufik ampera


(5) REUNGIT SOK DISADA KANA CEULI

Jaman baheula aya hiji nagara reungit, anu diratuan ku reungit awéwé. Éta nagara pohara beungharna. Tentarana garagah, patihna satia.
Sang Ratu kacida gindingna, pakéanana hurung hérang, maké geulang jeung suweng emas.
Dina hiji peuting, keur jemplang-jempling, aya jelema asup ka karaton Ratu reungit téa. Kabeneran tentara anu jaraga sararé mani talibra, atuh éta jalma teh jongjon asup ka kamar Ratu. Kabeneran Ratu ogé keur tibra deuih.
Karayap éta jalma téh ngadeukeutan Sang Ratu reungit, tuluy suweng nu dipaké ku Sang Ratu dilaan. Tapi kakara dilaan sabeulah, kaburu Sang Ratu hudang mantén, tuluy gogorowokan, ”Bangsaaaat! Bangsaaat! Bangsaaat”
Éta jelema kaluar, terus kabur bari mawa suweng sabeulah. Tentara nu jaraga téa, tuluy ngarudag, tapi éta jalma teu kasusul.
Isukna Sang Ratu, maréntah ka tentara jeung rahayatna, pokna: ”Sakabéh bangsa reungit kudu naréangan suweng anu dipaling téa, tempoan dina unggal ceuli jelema!”
Ti harita sakabéh reungit naréangan éta suweng. Nepi ka kiwari reungit-reungit téh masih kénéh naréangan éta suweng nempoan kana ceuli jelema-jelema, bari disada, ”Suengng....” Taufik ampera

Tidak ada komentar: