Kamis, 04 September 2008

PASANGGIRI NGADONGÉNG

Dina raraga miéling Kamerdékaan Bangsa Indonésia anu ka-63, Désa Rancaékek Wétan, Kacamatan Rancaékék, Kabupaten Bandung ngayakeun Pasanggiri Ngadongéng, nu lumangsung dina tanggal 8 Agustus 2008. Réana patandang dina éta pasanggiri aya 16 urang wawakil ti unggal RW nu aya di sabudeureun Désa Rancaékék Wétan. Satutasna girang pangajén ngabandungan, niténan, jeung ngalenyepan patandang pasanggiri kalayan daria dibarung tanggung jawab, saterusna ngajén sabudeureun basa, padika, jeung cangkeman dina ngadongéng, mutuskeun reujeung netepkeun patandang nu jadi pinunjul, nya éta nu jadi pinunjul ka hiji Ambu Éty Hamid wawakil ti RW.21 kalayan ngadongéng carita "Reungit sok disada kana ceuli". Ambu Éty kacida tapisna dina ngadongéng, réngkak polahna dina ngadongéng estu pikaresepeun. Yogasra jeung Fairuz anu merankeun incu Ambu ogé bisa neuleuman karakter kalayan daria. Tétéla pisan komunikatifna dina ngadongéng, onjoyna ti patandang nu lian salila Ambu ngadongéng dipirig ogé ku kacapi, nu ngacapina nya éta nonoman nu mikacinta kana kabudayaan Sunda nu katelah Agus Firman. Pinunjul ka dua, nya éta Ibu Imas wawakil ti RW.24, carita nu didongéngkeun nya éta "Sakadang Peucang". Dina ngadongéng Ibu Imas maké gaya teaterikal. Hanjakalna kurang apik dina bloking. Pinunjul ka tilu , nya éta Ibu Sumiyati wawakil ti RW.12, carita nu didongéngkeun nya éta "Sakadang Peucang".
Éta kagiatan lumangsung ku ayana gawé bareng jeung Program Studi Sastra Sunda Fakultas Sastra Unpad. Anu jadi girang pangajén dina éta kagiatan, nya éta Taufik Ampera, M. Hum, Mamat Ruhimat, S.S. jeung Samson CMS, S. Sos.

Tidak ada komentar: