Kamis, 04 September 2008

Warta Pasanggiri Ngadongeng (1)


Ngahirup Huripkeun Dongéng
di Pasantrén

Ku Taufik Ampera

Ngagedur dongéng ti Pasantrén. Sigana waé éta kalimah bisa némbongkeun hiji sumanget dina ngamumulé tradisi ngadongéng. Hiji tarékah nu nyata geus ngabukti dina poé Minggu tangal 1 April 2007 ngaliwatan acara Pasanggiri Ngadongéng Carita Sunda pikeun rumaja jeung déwasa sa-Bandung Raya kalayan alpukahna sakumna ais pangampih Pasantrén Babussalam Ciburial Bandung. Anu jadi jejer carita dina éta pasanggiri nya éta sajarah Kangjeng Nabi Muhammad Saw. Ěta pasanggiri mangrupa bagian tina runtuyan acara Gema Pasantrén 1428 Hijriah, kalayan tujuan pikeun ngawanohkeun sajarah Kangjeng Nabi Muhammad Saw., katut ti éta, mangrupa tarékah pikeun ngamumulé basa Sunda sakumaha anu geus diguratkeun dina Perda Propinsi Jawa Barat nomer 5 taun 2003 ngeunaan “Pemeliharaan Bahasa, Sastra, dan Aksara Daerah”.
Lamun dibandingkeun jeung pasanggiri nu sarua, nu kungsi diayakeun ku Disbudpar kalayan gawé bareng jeung PPSS sarta UNPAD dina raraga miéling poé basa Indung Internasional, tanggal 15 Pébruari nu kaliwat tangtuna waé pasanggiri ngadongéng carita Sunda nu diayakeun ku Pasantrén Babussalam aya pola anu béda. Anu ngabédakeunana nya éta jejer carita. Lamun dina pasanggiri ngadongéng dina raraga miéling basa Indung Internasional, anu jadi bahan carita nya éta sakumna carita rakyat bisa mite, sasakala, dongéng sasatoan jeung nu sejénna, tapi dina pasanggiri ngadongéng di Pasatrén Babussalam mah jejer caritana nyaéta sajarah Nabi Muhammad Saw. Aspék sején anu ngabédakeun nya éta jumlah patandang anu ngadongéngkeun hiji carita. Lamun dina pasanggiri ngadongéng nu diayakeun dina raraga miéling basa Indung internasional, tiap patandang nu tandang diwatesanan saurang, tapi dina pasanggiri ngadongéng nu diayakeun ku Pasatrén Babussalam Ciburial jumlah anggota kelompok nu tandang kudu leuwih ti saurang, tiap kelompok antara dua tepikeun ka genep urangna. Jadi cindekna, hiji carita didongéngkeun ku sababaraha urang atawa ngadongéng babarengan. Tapi sok sanajan kitu, panata calagara éta pasanggiri ngahiap oge patandang husus. Anu kaasup kana golongan patandang husus nya éta para calon kapala désa di Ciburial. Aya lima urang anu jadi patandang husus. Ěta nu limaan tandang saurang-saurang, béda jeung patandang sejénna. Ku dihiapna lima calon kapala désa mangrupa hiji tarékah panata calagara anu kawilang motékar, méntés calon pamingpin daérah naha éta para calon pamingpin téh bisa ngadongéng dina basa Sunda atawa henteu? oge naha éta para calon pamingpin téh wanoh kana sajarah nabi? Tangtuna waé nu dipiharep ka sakumna para calon kapala désa lain ngan saukur ngareuah-reuah éta acara, anu leuwih utamana mah kudu mikacinta kana budayana tur panceg dina tatapakan tug nepi ka mampu nangtukeun kawijakan nu merenah keur sakumna kamaslahatan umat manusa. Bral geura tandang makalangan dina PILKADĚS sabada tandang dina pasanggiri!
Diantara nu limaan, aya dua patandang nu kaitung nyongcolang dina nembrakkeun carita boh dina padika ngadongéng boh dina ngagunakeun basa tur ogé dina neuleuman eusi carita. Anu ka hiji nya éta Sobirin midangkeun carita Hajar Aswad kalayan dirojong ku kaparigelan ngaréka carita tur diwuwuh ku tembang Sunda nu payus jeung jentréngna sora kacapi, matak pogot nu ngabandungan. Sanggeus bubuka Sobirin midangkeun lagu Hamdan tur meunang pangbagéa ti nu ngabandungan. Dina guluyurna carita, Sobirin macakeun ayat Al-Qur’an, ogé ngagalindengkeun adan binarung sora nu matak ngageri ati. Dina basana, Sobirin ogé katembong tapis ngaréka-réka basa nu murwakanti tur pinuh siloka. Mungkas carita sabada nepikeun amanat nu nyampak dina carita, lagu Demi Wanci dihaleungkeun éstu matak gantung dengéeun. Tétéla ieu patandang ku ngaliwatan improvisasina geus némbongkeun kamampuhna dina transformasi budaya hiji carita.
Anu kadua nya éta nu katelah Pupung, hiji-hijina wanoja calon kapala désa kalayan ngaguar carita Siti Halimah. Kapunjulan Pupung nya éta dina lebah ngaréka guluyurna carita anu diadumaniskeun jeung jentréngna sora kacapi diselang haleuang tembang. Alatan kitu ngabandungan dongeng nu dicaritakeun ku Pupung mah estu matak pikabetaheun. Tapi hanjakal éta patandang nu duaan teu nyumponan kana sarat anu diguratkeun ku panata calagara, tandang ukur nyorangan.
Patandang nu séjénna nya éta patandang anu tiap kelompokna, anggotana leuwih ti saurang. Dina prak-prakkan ngaguar carita, aya patandang nu maké padika wangkongan atawa gunem catur, umpamana waé patandang ti pangajian As-Salam, Al-Ukuwah, Majelis Ta’lim Sakinah, Majelis Ta’lim Al Inayah, Majelis Ta’lim Baiturrahman Pakar, Guru SMA Babussalam. Malah aya kelompok nu katémbong mampu nyiptakeun suasana anu ngagambarkeun pasamoan, dina éta pasamoan diguar carita ngeunaan sajarah nabi. Tapi aya oge kelompok patandang anu maké padika nu ngadongéng ngalalakon dina éta carita. Tiap patandang boga peran sewang-sewangan. Umpamana waé patandang ti Al Bayan, jeung SMA Babussalam. Carita anu diguar rupa-rupa judulna kayaning; Opat Onta, Manuk Ababil, Hajar Aswad, Siti Halimah, Abu Tholib, Abu Lahab Ngarogahala Nabi Muhammad, Sajarah Nabi, Muhammad Ditukeuran, Robiul Awal, Boikot ka Bani Hasyim jeung Abu Tholib, sarta Abu Zahal Ngarogahala Rosulullah.
Upami niténan kana umur patandang éstu katémbong ayana tarékah ngawiriskeun tradisi titinggal karuhun. Aya rumaja nu bakal nyekel nanjeurna warisan budaya. Pikeun leuwih tandesna tarékah “pewarisan” tradisi tangtuna waé éta tarékah téh kudu lumangsung di antara sasamana. Aya ogé patandang anu geus umuran, malahan teu saeutik patandang anu saumur jeung pun nini atawa pun aki. Dina éta kelompok umur, katembongna aya rasa nu gumulung pikeun mulangkeun panineungan kabiasaan ngadongéng mangsa nu geus kaliwat. Atawa bisa waé hiji tradisi nu tetep mayeng dina mangsa kiwari ; indung ngadongeng ka anak atawa nini (aki) ngadongeng ka incuna.
Pasualan-pasualan nu disanghareupan ku masyarakat dina mangsa kiwari jadi samara dina nembrakkeun carita, umpamana waé guru-guru wanoja ti SMA Babussalam lumayan “peuheur “ nepikeun gerentes haténa ngeunaan pasualan gajih nu teu saimbang jeung pagawean hiji guru. Oge pasualan nyandung jadi papaés hiji carita pangpangna nu diguar ku para wanoja. Atra pisan dongéng jadi alat pikeun nembrakkeun gerentes hate nu aya tumalina jeung pasualan-pasualan hirup.
Nu kapeto jadi girang pangajén dina éta pasanggiri, nya éta Shandy Hadian ti RRI Bandung, Nunuy Nurjanah ti UPI jeung Taufik Ampera ti Unpad. Para pinunjul baris dibéwarakeun ku panata calagara dina pungkasan acara Gema Pasantrén 1428 H.
Kuayana sababaraha kagiatan nu tumalina jeung tradisi ngadongéng nuduhkeun yén dongéng masih kénéh jadi milik masyarakat. Lamun éta tradisi masih kénéh dipiharep hirup huripna, tangtuna waé kudu aya tarékah anu sipatna babarengan pikeun ngamumulé éta tradisi, lain sikep aing-aingan. Lamun téa mah loba intansi, lembaga, paguron luhur katut LSM anu haat binarung ngayakeun pasanggiri nu sarupa, tong teuing dipikarisi sieun kumaonam bakal parebut alas pacorok garapan. Estu matak jadi kareueus keur saréréa, tradisi bakal leuwih jembar jeungna deui budaya mah sipatna umum atawa ”universal”. Cag!


Taufik Ampera
Dosen Sastra Sunda Unpad
mikatineung kana sastra jeung bacaan pikeun barudak.

Tidak ada komentar: